Skip to main content

66+ Kumpulan Kata Bijak Bahasa Sunda

Kata Bijak memang sering di gunakan di kehidupan sehari hari pada jaman saat ini.
Apalagi sering di gunakan oleh para remaja saat ini baik perempuan maupun laki - laki.


Kata Bijak sendiri memiliki banyak variasi saat ini, apalagi di dalam berbagai daerah.
Contohnya Kata Bijak yang di gunakan menggunakan bahasa daerah.

Salah satunya yaitu Bahasa Sunda, yang mungkin sudah populer di setiap kalangan.
Untuk kata bijaknya berikut ini..

Kata Bijak Bahasa Sunda


Ulah itung baraha kali jalmi nyenyeuri jeung ninggakeun anjeun. Tapi itung baraha kali anjeun nyenyeuri jeung ninggalkeun gusti allah, tapi anjeuna henteu pernah mungkin ninggalkeun anjeun.

Fitnah awalna tina ngaduga-duga, ulah mikir jore jeung nyangka lamun teu acan yakin kana kabeneran nana anu aya.

Lamun hirup urang pinuh ku ka maaf, eta mangrupakeun jalan pikeun urang neangan kalapangan jeung kadamaian dina kahirupan.

Gusti allah moal pernah nyicingkeun urang aya dina masalah-masalah anu terus-terusan lila. Anjeuna ngan hayang urang supaya bisa di ajar tina masalah, percanten!

Ulah mikir urang "RAGAG" kana masalah anu tos dipasihan ku gusti allah. Sabab, sabenerna allah ngan hayang supaya urang bisa diajar "NANGTUNG.

Awalan poe ayena make semanget jeung harapan urang nu sae, supaya sapanjang poe-poe urang pinuh ku kabagjaan.

Ulah pernah nunda-nunda menta maaf. Menta maaf ayena bakal menang kabagjaan isukan nana.

Harta moal permah beak lantaran urang masihkeun sabagian nana, harta bisa nambah ku sabab urang bisa sadekah.

Masalah anu tos kajadian urang kudu teras sabar, karna sakabehna engkin pasti aya alesan nana. Gusti allah anu nyaho naon anu paling alus pikeun urang.

Lamun urang merhatikeun jeung lewih paduli ka jalmi anu sejen. Gusti allah pasti ngutus jalmi laina anu bisa paduli engkin na ka urang.

Kahade ulah ngasal ngomong, sabab omongan nu ku urang ucapkeun bisa nyenyeuri jalmi anu sejen.

Ulah kesel jeung terus-terusan ngarasa sedih, sabot masalah nu datang ka urang. Sabab lamun terus-terusan sedih kana masalah, bisa ngahambat urang pikeun neangan ka sempurnaan engkina.

Jadikeun masalah pikeun cara urang diajar supaya kualitas hirup urang jadi alus. Gunakeun hate urang pikeun ngarasakeun jeung mahaman hiji hal. Sabab, jore diluar henteu tangtu jore di jero na.

Terus ngarasa sukur ka gusti allah sabab hirup mah lain teras di ajar nangtung, tapi kumaha carana urang bisa terus hudang lamun urang ragag.

Lamun urang ngarasa ragu-ragu, kuatkeun iman urang jeung kayakinan urang.

Kaimanan jeung kayakinan mangrupakeun hal anu paling sae pikeun kahirupan nu kedah aya di diri urang masing-masing.

Sabot gusti allah masihan cobaan ka urang, anjeuna terang yen urang pasti bisa ngalewatan nana. Emang aya nyeyeuri di jerona, tapi percanten eta bisa nyien urang jadi lewih kuat engkina.

Cobaan tina ngajalankeun kahirupan ieu mangrupakeun misteri jeung alesan pikeun urang, supaya ulah eren jeung ngarasa nyerah, terus ngalengkah ngalewatan cobaan anu aya.

Jalmi-jalmi anu bisa ngajaga lisanna tina omongan anu bisa nyenyeuri perasaan jalmi sejen, niscaya hatena pasti dijaga tina rasa nyeuri jeung derita ku gusti allah.

Lamun masalah datang ngahadang, ulah teras ngarasa sebel ka gusti allah, tapi urang kedah boga pikiran yen gusti allah teh karunya ka urang.

Sabab, allah ngan hayang nguji ka imanan jeung ka sabaran urang sadaya.

Diajar ngahargaan diri urang sorangan, sabab sakabehna aya tujuan tina kahirupan ieu.

Kasalahan mangrupakeun cara gusti supaya urang bisa lewih kuat jeung bijak engkena.
Ulah kedah gampang nyerah, margi saleresna anjeun moal kantos eleh sateuacan anjeun nyerah!

Musuh anu paling bahaya nu aya di diri urang nyaeta rasa sieun jeung rasa bingbang. Rerencangan anu paling satia nyaeta kawanian jeung kayakinan!

Kagagalan di mangsa nu kaliwat mangrupa keun plajaran anu ageung anu engkena bakal jadi buah nyeta kasuksesan. Urang kedah diajar seueur ti kagagalan, urang tiasa barobah jadi makin pinter, sabab urang pernah gagal.

Ulah jien kagagalan nyandak sakabeh impieun anjeun kanggo terus diajar! Ngan jalmi-jalmi anu bodo anu terus ngulan-ngulang kalepatan na dua kali.

Hirup nyaeta diajar naon anu bisa di tingali sarta di rasakeun. Ngaliwatan proses anu panjang, hayu urang sami-sami ngarubah diri urang masing-masing, supaya bisa jadi pribadi anu lewih boga potensi!

Lamun anjeun hoyong kabungahan mangkat sare beurang. Lamun anjeun hoyong kabagjaan bantuan jalma nu sejen.

Kumpulan Kata Kata Bahasa Sunda


Di bandingkeun mikiran omongan batur, mendingan urang usaha meakeun wartos pikeun ngawujudkeun impieun urang, supaya batur bisa ngarasa kagum ka urang.

Kalepatan jeung kasalahan perkawisna hal anu paling sesah nu aya dina hirup urang.

Anjeun bisa labuh sarta ragag rebuan kali. Nanging hirup henteu eureun tepi dieu. Candak jeung cobi neruskeun dugi anjeun bisa ngagapai impieun dina hirup ieu.

Usahakeun wartos dimangsa ayena samaksimal mungkin, supaya engkena urang henteu nyesel.

Lawan hirup ieu, ulah ngarasa nyesel kanu mangsa nu tos kaliwat, ngarasa sieun ka mangsa anu aya dihareupeun.

Nangtung sing kuat, tingali dunya ieu, seueur keneh perkawis hal anu endah diluar ditu, ulah ngonci diri anjeun sorangan, rubah mulai ti ayena keneh!

Lamun urang hoyong paduli ka batur, mimitian heula ngalatih paduli ka diri sorangan.

Hargaan diri anjeun sorangan sepertos anjeun ngahargaan jalmi anu anjeun nyaah!

Kagagalan nyaeta sepertos saurang guru anu henteu anjeun reseup, nanging lamun anjeun hoyong sukses, anjeun kedah diajar ti manehna!

Ulah sakali-kali ngedalkeun wilujeng kantun lamun anjeun hoyong keneh nyobian. Ulah sakali-kali nyerah lamun anjeun rumaos masih keneh ngarasa sanggup!

Sateu acan urang ngeluh ku sabab ngarasa teu boga nanaon, coba pikir keun ka jalmi-jalmi nu sok menta-menta di jalanan.

Dinten ieu, sateu acan urang nyesel naroskeun omongan anu kurang sae, cobi pikir keun ka salah sahiji jalma anu teu tiasa naros sama sekali.

Seteu acan urang ngeluh ka ka-emaman nu rek ku urang emam, coba pikir keun ka marenehana, jalmi-jalmi anu teu pernah boga ka emamam pikeun di emam.

Sateu acan urang ngeluh ku sabab ngarasa diri paling buruk, cobi pikir keun ka jalmi-jalmi anu aya ditingkat paling buruk dina kahirupana.

Sateu acan urang ngeluh ka pamajikan atawa salaki urang, cobi pikir keun ka jalmi-jalmi anu terus-terusan mohon menta jodo ka gusti alloh.

Saencan urang ngeluh ka imah urang anu kotor, ku sabab teu aya pembantu nu nga-bersihkeuna. Cobi pikir keun ka jalmi-jalmi anu hirup di jalanan nu cicing di gubug.

Poe ieu, sateu acan urang ngeluh ka kahirupan anu keur dijalan ayena. Pikir keun ka jalmi anu tos pupus tihela, yen pahahal umurna lewih ngora ti urang.

Sateu acan urang ngarasa ngeluh ka bararudak (anak-anak) urang, pikir keun ka jalmi anu mandul, nu hoyong pisan bogaeun anak.

Sateu acan urang nunjukeun panangan jeung terus-terusan nyalahkeun diri sorangan. Cobi inget! Yen teu aya jalmi saurang oge, anu luput tina kasalahan atawa dosa.

Seteu acan urang ngarasa cape jeung ngarasa ngeluh ka pagawean anu keur ku urang lakukeun, cobi pikirkeun ka marenehana nu nganggur, jalmi-jalmi nu cacat, nu ngahareupkeun boga pagawean siga urang.

Tong ereun neangan elmu salagi roh napel dina diri, Sabab hirupna jalma aya dina akalna.
Akhlak anu mulia jadi gambaran kana bersihna hate, akhlak anu goreng nandakeun kotorna eusi hate.

Lamun eweuh jalma nu ngahargaan kana diri anjeun, maka hargaan diri anjeun ku diri anjeun ku jalan nembongkeun akhlak anu mulya tur manfaat pikeun salarea..

Dunya teh tempat urang pepelakan sedengkeun akherat tempat urang manen naon anu di pelak salila di alamdunya.
Melak jagong moal jadi bonteng, nyakitu deui melak bonteng moal jadi jagong..

Salametkeun diri tina kamiskinan jeung kafakiran ku jalan qona’at (ngalap cukup kunu aya).

Can pernah kacaritakeun aya rizki pahili, sing sabar bari di barengan ku tawakal ka Alloh Swt da mun gs nincak dina waktuna mah perkara nu hese jd gampang.

Hiji jalma can bisa di sebut jalma lamunmah akal sehat masih di kendalikeun keneh ku nafsu. Kendalikeun nafsu ku akal sehat anjeun sabab akal sehat anu aya dina diri manusia mangrupakeun ciri nu matak ngabedakeun antara manusia jeung sato.

Jadikeun kahirupan di alam dunia kaya-kaya keur ngumbara atawa ngaliwat dina hiji jalan.

Tong leumpang dina hayang, tong cicing dina embung, Tapi kudu leumpang dina kudu jeung kudu ereun dina ulah.

Sagede-gedena jalan Syare’at, ulah matak ngurangan diri kana tawakal ka Allah.

Ulah ereun neangan sobat, sabab sarebu sobat saeutik teuing jeung hiji musuh loba teuing.

Ulah embung di sebut bodo, ulah embung disebut sahandapeun.

Sanajan teu lumpat, tapi ulah cicing.

Lamun hayang maju, ulah ereun mikir.

Ulah nyalahkeun batur kana perkara nu tumiba kadiri, sabab sagala anu tumiba kadiri gara-gara diri.

Dan demikianlah, Kumpulan Kata Bijak Bahasa Sunda yang dapat di gunakan dan juga semoga bermapaat bagi semuanya.
Sampurasun Sadayana.
Comment Policy: Silahkan tuliskan komentar Anda yang sesuai dengan topik postingan halaman ini. Komentar yang berisi tautan tidak akan ditampilkan sebelum disetujui.
Buka Komentar
Tutup Komentar